Lirik Lagu Pepegatan
Oleh: Nina
Antara kuring jeung anjeun
Geus teu aya tali nu nyangreud
Kaasih anu kamari ulah rek di guar deui
Pan pamenta diri salira
Angguran gera teangan
Milih rabi mindah rasa
Sing menangkeun anu leuwih
Anu nyaah anu asih
Kasalira nu lewih ti diri kuring
Wayah na anjeun sing tumarima
Urang geus lain laina
Najan pada berat najan pada heman
Guratna urang papegat

